WAYANG YUDISTIRA
WAYANG YUDISTIRA
Mangkat tuluy naék ka
surga
“Allah menyeru (manusia)
ke Darussalam (surga), dan menunjuki orang yang dikehendaki-Nya kepada jalan
yang lurus (Islam)”
Yudistira naék
gunung Himalaya minangka lalampahan pamungkasna. Sanggeus mangsa wiwitan
Kali Yuga sarta maotna Kresna, Yudistira sadulur léngsér nurunkeun tahta
karajaan ka hiji-hijina turunan maranéhanana anu salamet dina perang rongkah di
Kurusetra, Parikesit, incuna Arjuna. Kalawan ninggalkeun sagala hal kadunyaan,
para Pandawa ngalakonan lalampahan pamungkas maranéhanana ku cara ziarah
ka Himalaya.
Waktu naék ka punclut,
Drupadi jeung Pandawa sadulur hiji-hiji – pupus, kasered ku kasalahan sarta
dosa maranéhanana anu saéstuna. Tapi Yudistira sanggup ngahontal punclut
gunung, alatan manéhna henteu cacad ku dosa sarta kabohongan.
Watek Yudistira anu
saéstuna mecenghul waktu ahir Mahabarata. Di luhur punclut gunung, batara Indra
datang pikeun mawa Yudistira ka Sawarga jeung karéta kancananna. Waktu
Yudistira ngaléngkah ngadeukeutan karéta, sang Indra ngajurungna ambéh
ninggalkeun anjing anu jadi batur lalampahanana, alatan mahluk nu teu suci
henteu meunang asup ka sawarga. Yudistira mundur ka tukang, nampik pikeun
ninggalkeun mahluk anu salila ieu ditangtayunganana. Indra jadi héran – "Manéh
sanggup ninggalkeun dulu sarta henteu ngabeuleum layon maranéhanana...tapi
manéh nampik pikeun ninggalkeun anjing anu teu nyaho jalan!". Yudistira
némbalan, "Druadi jeung dulur-dulur kuring geus ninggalkeun kuring, lain
kuring nu ninggalkeun maranéhanana." Dina waktu éta kénéh si anjing robah
wujud jadi Batara Darma, bapana, anu keur nguji dirina.
Yudistira dibawa indit ku
karéta Indra. Dina waktu ngahontal sawarga manéhna henteu manggihan
dulur-dulurna anu soléh atawa pamajikanana, Drupadi. Tapi manéhna nempo
Duryodana katut baladna anu jahat. Sang Batara ngabéjaan yén barayana keur aya
di naraka pikeun nebus dosa leutik maranéhanana, samentara Duryodana aya di
surga saprak manéhna gugur di pakalangan anu diberkahan, Kurukshetra.
Yudistira kalawan ihlas
indit ka naraka pikeun nepungan barayana, tapi tetempoan sarta sora anu
ngarautan haté jeung getih kentel ngajadikeun manéhna sieun. Waktu tergoda
pikeun kabur, manéhna ngawasa diri sarta hawar-hawar ngadéngé sora Drupadi
jeung barayana nu dipikacinta...nyambat dirina, ngajurungna pikeun cicing di
sagédéngeun maranéhanana dina kasangsaraan. Yudistira mutuskeun pikeun cicing
di naraka, sarta ngajurung sangkan kusir karétana balik ka sawarga...sabab
manéhna milih pikeun cicing di naraka bareng jeung jalma-jalma hadé batan hirup
di sawarga jeung jelema jahat. Dina waktu éta tetempoan robah. Saterusna Indra
ngomong yén Yudistira keur diuji deui, sarta sabenerna dulur-dulurna geus aya
di sawarga. Sanggeus nampa kanyataan kasebut, Yudistira ngalaan warugana
sarta nampa sawarga.
Comments
Post a Comment
Masukan Komentar Anda