Dongeng Sakadang Kuya Jeung Sakadang Monyet




Dina hiji poe Sakadang Kuya keur neangan kadaharan, tapi ti isuk mula tacan manggih nanaon. Ngahaeut ka tengah poe, manehna manggih tangkal cau nu buahna geus asak, tapi kumaha da teu bisa naek. Kulantaran kitu, tuluy manehna bebeja ka Sakadang Monyet, menta tulung. Omongna “Sakadang Monyet, uing manggih tangkal cau nu buahna geus asak, tapi hanjakal teu bisa naek, cing tulungan pangalakeun, engke paparon”
“Hade,” tembal Sakadang Monyet. “Di mana?”
Tuluy maranehna arindit babarengan ka tempat tangkal cau tea. Sakadang Monyet, tuluy naek, metikan cau hiji-hiji bari ditungtut dihakanan. Sakadang Kuya mah teu dibere sapotong-potong acan, atuh bati cumeplak we neureuyan ciduh.
“Sakadang Monyet, mana bagian uing? Kapan geus jangji paparon” ceuk Sakadang Kuya ngagorowok.
Tapi Sakadang Monyet teu malire, jongjon bae metikan jeung ngadaharan, kalahkah maledogan ku cangkangna.
Sakadang Kuya pohara nyerieunana, ngunek-ngunek hayang males.
Dina hiji poe Sakadang Kuya indit ka kebon Juru tani, ngala cabe nu geus arasak, warnana bareureum. Ngala genep nu galede, ketembongna bangun aramis pisan. Manehna indit nepungan Sakadang Monyet. Biwirna dipulas ku pucuk daun jati supaya beureum, tuluy cupak capek, cuplak ceplak, cara nu geus barang dahar geunah.
Ditanya ku Sakadang Monyet, “Sakadang Kuya, maneh teh keur ngahadar naon? Cik uing menta!”
Tembal Sakadang Kuya, “ah, ulah ngaganggu, uing teh keur ngeunah ngadahar buah loa paparin ti Dewata. Kakara uing mah barang dahar ni’mat kieu.”
“Cing ngasaan saeutik, uing lapar pisan.“ Sakadang Monyet lumah lameh menta ngarah dipikarunya.
“Keur naon make mere ka maneh, kapan bareto ge maneh teu mere cau ka kami, padahal eta teh milik kami?”
“Hampura bae atuh nu enggeus-enggeus mah!, sing karunya ka uing ku hayang ngasaan buah loa paparin Dewata!” omongna deui lengas lengis.
“Nya ari maksa-maksa teuing mah top bae,tuh cokot deukeut tangkal caringin itu!” tapi ulah dibeakeun kabeh, sesakeun keur kami saparona.”
Sakadang Monyet pihara atoheunna, gancang lumpat rek nyokot buah loa paparin Dewata tea. Lantaran tabeatna hawek jeung sarakah manehna embung nyesakeun. Kabeh dibawa lumpat, di tengah jalan raus raus bae didahar, nepi ka beak. Ari beak…. Adug lajer, jejeritan awahing ku lada jeung panas.
Sakadang Kuya kacida sugemanana, lantaran geus bisa males kanyeri hatena bareto
Budak Pahatu

Jaman baheula aya dua budak pahatu, lanceukna lalaki,ari adina awéwé. Imahna deukeut hiji leuweung anu loba tangkal bubuahan nu ngarareunah, kayaning pari, kupa, pining, jeng saliana.
Dina hiji mangsa barudak téh rék ngala buah kupa ka leuweung. Barang dating ka leuweung, lanceukna nyarita, “Nyai, Akang rék ngala bubuahan, ku Nyai pulungan!”
“Heug,Akang” ceuk adina.
Térékél budak téh naék. Barang keur jongjon ngala kupa,léor aya oray sanca nyampeurkeun adina anu keur diuk nyanghunjar nyarandé kana catang.
Gep oray téh ngégél kana sukuna. Budak téh ngahariring ngawih.
“Kang tulungan, Kang tulungan! Aya anu gagarayaman kana bitis jeung ngégélan cing geuwat kuring tulungan!”
Usap baé, Nyai, meureun sireum!” ceuk lanceukna.
Budak awéwé téh sapanjang bisa ngomong kénéh mah teu eureun-eureun ngawih ménta tulung tapi ku lanceukna teu ditolih, marukankeun sireum baé. Tungtungna leg baé budak téh diteureuy buleud, tuluy oray téh asup ka leuwi.
Lanceukna reuwaseun naker sabab adina teu kecét-kecét. Manéhna tuluy turun, sanggeus di handap reuwaseun pisan sarta nyangka yén adina dihakan oray. Tulut disused tapak oray téh. Kabeneran barang datang kahiji tempat kapanggih oray keur gulang-guling baé teu bisaeun indit. Budak lalaki ngadéngé manuk haur disada, pokna “Cukrih, cukrih, turih ku pucuk eurih.”
Teu talangké deui beuteung oray diturih. Goréhéh téh adina kapanggih tina jero beuteung oray, terus dibawa balik. Barang datang sok adina téh digolérkeun di tengah imah, ku manéhna digeberan bari ngawih.
“Geber-geber hihid aing
Hihid aing kabuyutan
Titinggal nini awaking”

Kerenyed suku budak téh usik. Pok deui lanceukna ngawih. Kerenyed deui awakna usik. Kitu baé satuluyna, nepi budak awéwé téh hirup deui.

Comments

Popular posts from this blog

MAKALAH FIIL AMR

Makalah Tentang Al-Qur'an